FIQIH
--- Bab Wudhu Jeung
Pasunatana ---
Ari Fardhuna Wudhu eta aya 6 (genep):
1. Niat
Hartina Niat : Neja kana hiji perkara
bari jeung dipegawena.
Tempatna niat: dina hate
Waktuna niat dina wudhu waktu mimiti ngumbah
anggota wudhu nyaeta raray. bagian luhur, tengah, atawa bagian handapna raray.
Bacaan Niatna nyaeta:
Hartosna: “Abdi
niat wudhu pikeun ngilangkeun hadas alit fardu karana Alloh”.
2. Ngumbah Raray (raray)
Ari batasan ngumbah raray nyaeta ti mimiti
tempat jadina rambut tina mastaka — dugika sahandapeun tungtung janggot, jeung
antara dua cepil.
Doa waktu ngusap raray:
Hartosna: Ya
Alloh, caangkeun raray abdi dina poean dicaangkeunna raray, jeung dina poean di
hideungkeunna raray”.
3. Ngumbah 2 (dua) panangan dugika sikuna.
Doa ngumbah panangan tengen:
Hartosna: “Ya Alloh, pasihkeun kitab (catatan amal)
abdi beulah katuhueun abdi, sareng itung amalan abdi kalayan itungan nu
gampil”.
Doa ngumbah panangan kiwa:
“Ya Alloh
tekenging di pasihkeun catatan amal abdi beulah kiwa atanapi ti tonggong”.
4. Ngusap perkara tina mastaka (sanajan sabagian tina rambut,
atanapi sabagian tina kulitna)
Doa ngusap mastaka:
“Ya Alloh, haramkeun
rambut sareng kulit abdi tina seuneu naraka”.
5. Ngumbah 2 (dua) sampean sarta mumuncangana.
Doa ngumbah dua sampean:
Hartosna: “Ya Alloh, tetepkeun dua sampean abdi
dina shirotol mustakim, dina poean tisaroledatna sampean”.
6. Tartib (ngaheulakeun anggota wudhu anu tiheula, jeung
manderikeum anggota wudhu nu pandeuri).
Sunat-sunat Wudhu:
1. Ngaos Basmallah.
2. Siwak (nyusur).
3. Kekemu.
Doa dina waktu kekemu:
Hartosna:
“Ya Alloh, kucurkeun sagelas cai
ti talaga Nabi Muhammad saw. Nu moal ngarasa dahaga salawasna”.
4. Ngingsreuk cai
kana pangambung.
Doa nyingsreuk cai:
Hartosna: “Ya Alloh, teukenging ngaharamkeun abdi kana nyium surgana Alloh”.
5. Ngusap sakabeh
mastaka sareng dua cepil.
6. Ngatuhu
(ngmimitian ngumbah anggota wudhu beulah katuhu)
7. Tuluy-tuluy (teu
kapegat ku pagawean nu sejen)
8. Ngosok-ngosok
9. Taslis (ngumbah
anggota wudhu tilu kali)
10. Ngadoa saentos
wudhu.
Doa entos wudhu:
--- BAB PAMBAGIAN CAI ---
A. Ari cai kabagi 2 (dua) bagian:
1. Cai Saeutik
Cai saeutik nyaeta cai nu kurang tina 2 (dua) qullah.
Ukuran 2 qullah nurutkeun ulama kontemporer (zaman ayeuna) kurang leuwih 270 liter (Dr. Wahbah az-Zuhaili tina Kitab Al-Fiqhul Islami Wa
Adillatuhu).
Hukum cai saeutik jadi mutanajis dimana
karagragan najis, sok sanajan teu barobah rasana, ambeuna, jeung warnana.
2. Cai Loba
Cai Loba nyaeta cai nu leuwih tina 2 (dua)
qullah) atanapi leuwih tina 270 liter.
Hukum cai nu loba henteu jadi mutanajis
kecuali dimana rubah rasana, ambeuna, atawa warnana.
--- BAB NAJIS ---
Najis nyaeta kotoran nu ngancik/tumetep dina tempat, boh dina
badan, tempat, atawa pakean, nu wajib di sucikeunnana.
Ari babagian Najis eta aya 3 (tilu):
1. Najis Mukhofafah
(najis nu ringan)
Najis Mukhofafah nyaeta najis nu ringan,
saperti cai kiih budak leutik (orok) nu umurna can nepi 2 (dua) taun, jeung can
ngadahar naon-naon iwal cai susu ibuna.
Cara nyucikeuna: nyaeta ku ngucurkeun cai
kana barang nu kakeunaan najis, nepika leungit jentulna atawa sifatna eta
najis.
2. Najis
Mutawasithoh (najis sedeng)
Kabagi 2 bagian:
1.
Najis Ainiyah (Najis nu aya rupaan,
ambeu, jeung aya rasaan)
2.
Najis Hukmiyah (Najis nu teu katingal
jentulna, saperti kebul)
Cara nyucikeun najis Ainiyah kudu nepika
leungit sifatna. Sedengkeun najis Hukmiyah cukup ku ngucurkeun cai
kana barang ku kakeunaan najisna.
3. Najis Mugholadhoh
(najis
nu beurat)
Nyaeta najis anjing jeung bagong jeung
keturunana, atawa salah sahijina.
Cara nyucikeunna: kudu di kumbah ku tujuh
kali, salah sahijina dicampuran taneuh.
Walloohu ‘a’lam bishowab
Sumber: Kitab Safinah
Najah
Kalimah Thoyyibah
BAB
PUASA (SHAUM)
Ari hartina Shaum nyaeta:
Nahan tina barang
tuang jeung leueut, hubungan badan (suami & istri), dibarengan niat ti
peutingna, timimiti bijilna fajar nepika surupna panon poe.
Rukun Puasa eta aya 3 (tilu):
1.
Niat dina tiap peuting dina puasa
fardhu.
Bacaan Niatna:
“Nawaitu shauma
ghoddin ‘an adaa-i, fardhisy-syahri romadhooni, haadihi sannati, iimaanan
wahtisaaban lillaahi ta’ala”.
Hartosna: “Niat
abdi shaum (puasa) dina dinten enjing, ngalakonan fardhu dina sasih romadhon,
bari ngimankeun karana Alloh ta’ala”.
Bacaan Niat Puasa keur sa bulaneun:
“Nawaitu
shauma syahri kullihi”
Hartosna: Niat abdi puasa dina sasih ieu (romadon) sa bulaneun
2.
Ninggalkeun perkara nu matak
ngabatalkeun puasa bari inget (kecuali jalma
bodo nu dihampura).
3.
Jalma nu ngalaksanakeun puasa.
Syarat sah puasa aya 4 (opat):
1.
Kudu Islam
2.
Boga akal
3.
Suci tina hed jeung nifas
4.
Uninga kana waktuna puasa
Syarat wajib puasa aya 5 (lima):
1.
Kudu Islam
2.
Kaperedih kana ngalaksanakeun puasa
(mukalaf)
3.
Kuat
4.
Sehat
5.
Cicing di hiji tempat (henteu keur
nyaba)
Perkara nu ngabatalkeun puasa:
1.
Murtad (kaluar ti agama Islam)
2.
Kaluar darah hed
3.
Kaluar Nifas
4.
Ngalahirkeun
5.
Hilang akal sok sanajan sekeudeung
6.
Sakalor
7.
Weureu bari dihaja
Ari pambagian buka dina puasa eta aya 4:
1.
Wajib
Qodho jeung Fidyah.
- Pikeun
jalma nu buka puasa karana sieun
(nyalametkeun) nu lian, contohna saperti istri nu keur hamil.
- Pikeun
jalma nu buka puasa karana ngahirkeun ngodoan puasa bari kaayaan mampu, nepika
datang bulan puasa deui.
2. Wajib Qodho teu wajib Fidyah
-
Nyaeta saperti jalma nu sakalor.
3. Wajib
Fidyah teu wajib Qodho
- Nyaeta
saperti jalma nu geus kolot, nu geus teu mampu kana ngalaksanakeun puasa.
4. Teu wajib Qodho jeung
Fidyah
-
Nyaeta pikeun jalma nu hilang akal,
bari teu dihaja hilang akalna.
Catatan:
Ari hartina Fidyah nyaeta mayar tebusan. Rupana
bisa ku beas (6 ons) atawa ku artos sahargaeun beas.
BAB HALAL BI HALAL
( MUHAALALAH )
Dupi hartosna Muhaalalah
(halal bi halal) nyaeta silih halalkeun tina sagala rupi dosa jeung
papada manusa.
Naon sababna sabada
boboran (puasa) sok aya silih halalkeun?, walerna, margi urang ngalaksanakeun
ibadah shaum sareng qiyamul lail (taraweh) sareng nyuhunkeun pangapunten dosa,
namung dosana hak ka Gusti Alloh wungkul.
Pidawuh Rosululloh
saw:
“Saur Abi Huroiroh ra, Rosulululloh saw. ngadawuhkeun:
Saha jalma anu puasa dina bulan Romadhon, karana ngimankeun jeung karana Alloh,
mangka di hampura eta jalma dosa-dosana nu geus kaliwat”.
Eta hadis netelakeun
kaunggulan bulan Romadhon. Upami di tingal lahiriyahna ieu hadis --- dihapunten
dosa ageung jeung alit. Namun nurutkeun pendapat para ulama nu dihapunten teh
dosa alit wungkul, oge dosa alitna nu hubungan sareng Alloh wungkul. Sedengkeun
dosa ageung mah henteu dihapunten kedah aya tobat nu khusus.
Ari nu kaasup dosa
gede anu matak ngaruksak kana amal soleh nu tipayun nyaeta aya 7.
Sakumaha hadits nu
diriwayatkeun ku Imam Bukhori Muslim:
1.
Musyrik ka Alloh
2.
Maehan jalma nu di haramkeun ku Alloh,
kajaba kalawan hak
3.
Ngahajakeun migawe sihir
4.
Ngadahar barang riba
5.
Ngadahar barang budak yatim
6.
Kabur tina perang
7.
Nuding zina
8.
Nganyenyeri ka indung bapa
9.
Ngazinahan tatangga jeung ka awewe nu
lainna
10.
Jadi saksi bohong
Tah ieu kudu aya
tobat khusus.
Nyaeta syaratna: kudu
ngarasa kaduhung, istigfar, jeung moal ngalakonan deui (iqla). Dupi lamina
tobat teu aya batasan dina al Quran.
Salajengna ku
ngalaksanakeun puasa jeung netepan taraweh di hapunten dosa alit teh, eta
hubungan sareng Alloh wungkul. Dupi dosa sareng papada manusa (hak adami)
henteu tiasa gugur ku ngalaksanakeun puasa, taraweh jeung sajabana.
Sapertos kumaha hak
adami teh?
Sapertos urang
ngawiwirang batur, neunggeul batur, nganjuk teu mayar, maling harta batur,
nagalihkeun wates tanah, ngupat ka batur, jeung dosa nu sanesna deui.
Tah ieu sadayana
kedah nyuhunkeun dihalalkeun atanapi di ridokeun. Upami anu sanes ( anu di
dholim) tos ngaridokeun, mangka dosa urang bebas dunya akherat.
Wallohu a’lam
Bab Sholat Jama’
(Ngahijikeun dua Sholat Fardhu)
Ari hartosna sholat
jama’ nyaeta: ngahijikeun 2 sholat fardhu, boh dikerjakeun dina waktu sholat ka
hiji (taqdim) atanapi waktu sholat kadua (takhir)
Syarat Jama’ Takdim (tiheula) aya 4 :
1.
Kudu di mimitian ku solat nu ka hiji
2.
Kudu niat nga jama’ dina waktu
ngalaksanakeun solat ka hiji
Bacaan Niatna:
“ Niat abdi sholat
dzuhur di jama’(dihijikeun ka ashar) fardhu karana Alloh”
3. Antara solat ka
hiji jeung kadua kudu nyambung
4. Tetep aya dina
kaayaan udzur (halangan/nyaba)
Syarat Jama’ Ta’khir (pandeuri) aya 2 :
1.
Kudu niat ngajama’ takhir dina waktu
sholat nu ka hiji. Ukuranana kira-kira cukup keur ngalaksanakeun sholat nu
kahiji.
Bacaan niatna:
“Niat abdi ngahirkeun
sholat dzuhur ka ashar”
2.
Tetepna udzur (halangan/nyaba) nepika
beres ngalaksanakeun sholat nu kadua.
Wallohu ‘alam bish
showab
Bab Sholat Qoshor
(Ngaringkes dua solat)
Ari hartosna Qoshor nyaeta: ngaringkes dua solat nu asalna opat
rokaat jadi dua rokaat. Contona saperti solat dzuhur, ashar, jeung solat isya. Solat
magrib sareng shubuh teu tiasa di qoshor.
Ari syarat nglaksanakeun solat qoshor eta aya
7 :
1. nyabana kudu
nepika 2 marhalah (kurang leuwih 89 km)
2. nyabana nu di
wenangkeun (saperti ziarah, silaturahim)
3. kudu apal kana
meunangna ngoshor
4. niat qosor dina
waktu takbiratul Ihram
5. shalat nu bangsa
opat rokat (iwal magrib jeung shubuh)
6. langgengna
nyanyabaan nepika sampurnana solat nu kadua
7. ulah ngamakmum ka
imam nu solat sampurna (henteu keur ngosor solat) sok sanajan sawarehna.
Conto niat qosor jeung Jama’ :
1.
Niat solat zuhur jeung ashar bari
qoshor sakaligus jama’ taqdim:
“Usholli fardhodh zuhri rok’ataini qoshron
majmuu’an bil ashri lillahi ta’aalaa”
hartosna:
“abdi niat solat zuhur dua rakaat (qoshor)
bari di jama’ jeung ashar karana Alloh ta’ala”.
2.
Niat sholat isya jeung magrib bari
qoshor sakaligus jama’ takhir:
“Usholli fardhodh ‘isyaa-i rak’ataini qoshron
majmuu’an bil maghribi lillahi ta’aalaa
Hartosna:
Abdi niat solat isya dua rokaat qoshar bari di jama’ jeung magrib karana Allah
ta’aala”.
Wallohu
a’lam bish showab
qqq
Kautamaan Sedekah di
Bulan Ramadhan
1. Sedekah bisa
ngahapus dosa.
Rasulullah
shallallahu ‘alaihi wa sallam nyarios:
والصدقة تطفىء الخطيئة كما تطفىء الماء النار
“Sedekah bisa
ngahapus dosa sakumaha cai mareumkeun seuneu.
” (HR. Tirmidzi, di
shahihkan Al Albani dina Shahih At Tirmidzi, 614)
Dihampurana
dosa kalayan sabab sedekah di dieu tangtu waé kudu dibarengan taubat luhur dosa
anu dipigawé. Henteu sakumaha anu dipigawé sawaréh jalma anu ngahaja maksiat,
saperti ngadahar riba, maok, migawé curang, nyokot harta anak yatim, sarta
saméméh ngalakonan hal-hal ieu manéhna geus ngarencanakan pikeun sodakoh
sanggeusna ambéh ‘impas’ euweuh dosa.
2. Jelema anu gawe
sedekah baris meunangkeun naungan di poé ahir.
Rasulullah
saw. nyaritakeun ngeunaan 7 manusa anu meunang iuh-iuhan di hiji, poé anu sabot
éta euweuh iuhan séjén sajaba ti Alloh, nyaéta poé ahir. Salah sahiji jenis manusa
anu meunangkeunana nyaéta:
رجل تصدق بصدقة فأخفاها، حتى لا تعلم شماله ما تنفق يمينه
“Jalma anu sedekah, manéhna nyumputkeun
amalna éta nepi ka-nepi ka leungeun kéncana henteu nyaho naon anu disedekahkan
ku leungeun katuhuna.” (HR. Bukhari no. 1421)
3. Sedekah méré
keberkahan dina harta.
Rasulullah shallallahu ‘alaihi wa sallam nyarios:
ما نقصت صدقة من مال وما زاد الله عبدا بعفو إلا عزا
“Harta moal ngurangan
kalayan sedekah. Sarta saurang hamba anu welas pasti baris Alloh nambahan
kewibawaan pikeunana.
” (HR. Muslim, no.
2588)
Naon
anu dimaksud hartana moal ngurangan? Dina Syarh Shahih Muslim, An Nawawi
ngécéskeun: “Para ajengan nyebutkeun yén anu dimaksud di dieu ngawengku 2 hal:
Kahiji, nyaéta hartana
diberkahan sarta dihindarkeunn tina bahaya. Mangka pengurangan harta jadi
‘impas’ katutupan ku berkah anu teu katingali. Ieu bisa dirasakeun ku indera
sarta kabiasaan.
Kadua, lamun sacara dzatnya
harta kasebut ngurangan, mangka pengurangan kasebut ‘impas’ katutupan pahala
anu dipibanda, sarta pahala ieu dilipatgandakan nepi ka berlipat-lipat lobana.”
4. Alloh
ngalipatgandakeun pahala jelema anu gawe sedekah.
Dawuh
Alloh Taala:
“Saéstuna jalma-jalma
anu sedekah boh lalaki boh awéwé sarta minjeumkeun ka Alloh pinjeuman anu alus,
niscaya baris dilipat-gandakan (ganjarannya) ka maranéhanana; sarta pikeun
maranéhanana pahala anu loba.” (Qs. Al Hadid: 18)
5. Sedekah bisa
ngaleupaskeun ti siksa kubur.
Rasulullah
shallallahu ‘alaihi wa sallam bersabda:
إن الصدقة لتطفىء عن أهلها حر القبور
“Sedekah baris mareumkeun seuneu siksaan di jero kubur.
” (HR. Thabrani, di shahihkan Al Albani dina Shahih
Inget nasehat Kubur:
1. Kuring nyaéta
tempat anu pang poekna, mangka caraangan kalayan tahajud.
2. Kuring nyaéta tempat anu pang heureut, mangka jembarkeun kuring kalayan resep
silaturrahmi.
3. Kuring nyaéta tempat anu pangsepina, mangka ramekeun kuring kalayan loba
maca qur'an.
4. Kuring nyaéta tempatna sato-sato anu ngageuleuhkeun, mangka bere racun
maranéhanana kalayan amal shodaqoh.
5. Kuring nyaéta tempat Munkar sarta Nakir nanya, mangka siapkeunjawaban
kalayan loba dzikir 'Laa ilaaha illa Alloh'
--Wallohu a’lam
bishowab--
( Bab Ziarah Kubur )
A. Hukum ziarah kubur
Ziarah kubur nyaéta hiji amalan anu disyari’atkan. Ti Buraidah Ibnul Hushaib ra,
Rasulullah saw. nyarioskeun:
كنت
نهيتكم عن زيارة القبور، فزوروها
“Baheula kuring ngalarang maranéh ziarah kubur, mangka
(ayeuna) sok geura ziarah” (HR. Muslim no. 977)
B. Adab Ziarah Kubur
1. Méré salam ka ahli kubur (muslimin-muslimat)
“Salam kasalametan hei ahli kubur (kuburan) sarta kaum
mu’minin sarta muslimin, mudah-mudahan
Alloh maparin rahmat jalma-jalma anu tiheula ti urang sarta jalma-jalma
anu pandeuri, sarta kami Insya Alloh baris nyusul maranéh kami nyungkeun ka
Alloh kasalametan pikeun kami sarta pikeun maranéh”
2. Henteu leumpang di luhur kuburan kalayan maké sendal.
“Sabot Rasulullah shollallahu 'alaihi wa alihi wa sallam
keur leumpang, ujug-ujug anjeunna melong saurang lalaki anu leumpang diantara
kubur kalayan maké sendal, mangka Rasulullah saw. nyarios: “hei nu boga (anu
maké) sendal cilaka anjeun leupaskeun sandal anjeun”. Mangka jelema éta melong
nalika manéhna nyaho Rasulullah shollallahu 'alaihi wa alihi wa sallam manéhna
ngalaan kadua sandalnya sarta ngalungkeun eta sendal. (Fathul Bary 3/160).
3. Henteu diuk atawa
nyarande dina kuburan.
“Lamun salah saurang ti maranéh diuk di
luhur bara seuneu nepi ka (bara seuneu éta) ngabeuleum pakéanana nepi ka
ngeunaan kulitna éta téh leuwih alus batan manéhna diuk di luhur kuburan”. (HR.
Muslim)
4. Diwenangkeun
pikeun nu ziarah ngangkat leungeunna sabot ngadoa ka ahli kubur.
Dumasar
hadits ‘Aisyah ra.: “Rasulullah saw.
kaluar dina hiji peuting, mangka kuring (‘Aisyah) ngutus Barirah pikeun nuturkeun
kamana waé anjeunna (Rasulullah) indit, mangka Rasulullah nyokot jalan ka arah
Baqi’ Al-garqad saterusna anjeunna nangtung dina sisi anu pangdeukeutna ti
Baqi’ tuluy anjeunna ngangkat panangana, sanggeus éta anjeunna mulih, mangka mulih
Barirah ka kuring sarta méré béja kuring (naon anu ditempona). Mangka dina
isuk-isuk poé kuring nanya sarta ngomong:
Wahai Rasulullah kaluar kamana salira sapeuting? Anjeunna nyarios: “Kuring
diutus ka penghuni Baqi’ pikeun ngadoa baris maranéhanana.
Dikaluarkeun
ku Imam Ahmad (6/92) sarta saméméhna ku Imam Malik dina kitabna (Al-muwatho`
(1/239-240)).
5. Sabot ngadoa ka
ahli kubur, mangka kudu nyanghareup kiblat.
6. Diwenangkeun ceurik tapi henteu meunang ngaratapi
mayit
Ceurik
anu wajar meunang sakumaha Nabi shallallahu ‘alaihi wa sallam ceurik sabot
ziarah ka kubur ibu anjeunna. Tapi lamun nepi ka tingkat ngaratapi mayit,
ceurik kalayan kacida, neunggeul wajah, nyoékkeun baju, mangka hal ieu
diharamkan.
C. Hal-hal Anu Dilarang Ziarah Kubur
1. Henteu ngobrol, seuri ceuceuleukeuteukan, paraséa dilokasi pekuburan.
2. Henteu nincak, diuk, atawa nyrande di
pakuburan.
3. Ngadegkeun solat diluhur kuburan, kajaba solat dina harti DO'A (nyaéta ngadoakeun
mayit).
4. Dudurukan dilokasi pekuburan.
5. Henteu ngayakinan sagala barang-barang anu aya dilokasi pekuburan kawas
taneuh, batu sarta kembang, minangka hiji hal anu jadi barang karamat. (méré
manfa’at atawa balai).
6. Henteu mengusap-usap kubur sarta henteu ogé nyiumna jeung Niat néangan
Berkah, alatan hal éta kaasup adat Jahiliyah atawa jalma-jalma Nashroni.
7. Henteu menyebut-nyebut aib (keburukan) anu kungsi dipigawe ku ahli kubur,
alatan hal éta baris jadi Fitnah pikeun ahli kubur sarta kulawargana.
8. Henteu ngalakonan upacara ritual anu nyimpang ti syari'at Islam, kawas
ritual semedi (tapa), ruwatan, pikeun sangkan kahontal pangabutuhna.
9. Henteu ngalakonan gawé NIYAHAH (sasambat), ku cara ceurik bari gogoleran.
10. Pikeun istri henteu ziarah sosoranganan, kudu di baturan ku mahram (salaki, anak atawa lanceuk/adi)
sarta sok nutupan aurat dina berziarah kubur.
--Wallohu
‘alam bishowab--
n BAB TAYAMUM --
Niat Tayamum:
“Nawaitu tayammuma listibahati solati fardhon lillahi ta’ala”
Hartosna: “niat badi tayamum karana ngawenangkeun
solat, fardu karana Alloh”
Fardhu Tayamum aya 5 :
1. Mindahkeun taneuh (kebul)
2. Niat
3. Ngusap raray
4. Ngusap dua panangan dugika sikuna
5. Tartib diantara dua usapan (raray terus
panangan)
Batalna Tayamum :
1. Setiap perkara yang membatalkan pada wudlu
2. Murtad
3. Menduga ada air jika tayammunya karena ketiadaan
air
( BAB SOLAT )
Hartosna solat nurutkeun bahasa nyaeta: doa.
Nurutkeun hukum agama nyaeta: “di
kawitan ku takbirotul ihrom, di ahiran ku salam”
Rukun shalat aya 17 :
1. niat
2. takbiratul ihram
3. ngadeg pikeun nu mampu dina shalat fardhu
4. ngaos al-Fatihah
5. ruku
6. tumaninah dina ruku
7. i’tidal
8. tumaninah dina I’tidal
9. sujud
10. tumaninah dina sujud
11. calik diantara dua sujud
12. tumaninah calik diantara dua sujud
13. tasyahud akhir
14. calik dina tasyahud akhir
15. ngaos solawat Nabi
16. Salam
17. tartib
Wallohu ‘alam bishowab
FADHILAH (KAUTAMAAN) NGAOS
SHOLAWAT KA KANGJENG NABI MUHAMMAD SAW.
1.
Hadits nu katampi ti Abu Huroiroh ra:
Saha jalma nu maca sholawat ka Nabi Muhammad saw. sakali,
mangka Alloh bakal ngaoskeun sholawat sapuluh kali ka eta jalma.(HR. Muslim)
2.
Hadits nu katampi ti Anas bin Malik ra.
Saha jalma nu maca sholawat ka kaula sakali, mangka Alloh
ngaoskeun sholawat 10 kali, bakal di hapus 10 kasalahan, jeung bakal diangkat
10 darajat. (HR. An Nasai)
3. Hadits ti Abu Ad-Darda ra.
Sing saha jalma anu maca sholawat ka kaula dina waktu isuk-isuk 10 kali sarta sore-sore 10 kali, mangka manéhna baris meunangkeun syafaat dina poé kiamat.” (HR. ath-thabrani sarta dinyatakeun Hasan ku Syaikh al-albani dina kitab Shahihul Jami’).
Bacaan Sholawat
1. Ti
Ka’b bin Ujrah Radhiyallaahu ‘anhu.
Anjeunna nyarios,
“Rasulullah Shallallaahu ‘alaihi wasallam kaluar nyampeurkeun kami teras kami ogé nyarios,
‘Abdi sadaya tos uninga cara ngedalkeun
salam ka anjeun (Kangjeng Nabi Muhammad saw), teras
kumaha cara abdi sadaya ngaos sholawat ka anjeun?’ Rosululloh ngawaler,
“bacakeun:
Allohumma Sholli ‘Ala Muhammadin Kamaa
Shollaita ‘Ala aali Ibroohiima innaka Hamiidun Majiid. Allohumma Baarik ‘Ala
Muhammad Kamaa Baaromta ‘Ala aali Ibroohiima innaka Hamiidun Majiid.
(Diriwayatkan ku imam
al-bukhari no. 3370, sarta imam Muslim no. 406).
2. Hadits katampi ti Abi Mas’ud Al
Anshariy
Allaahumma sholli ‘alaa Muhammad wa ‘alaa aali Muhammad
kamaa shol laita ‘alaa aali ibroohiim ,wa baarik ‘alaa Muhammad wa ‘alaa aali
Muhammad kamaa baarokta ‘alaa aali ibroohiim fil ‘aalamiina innaka hamiidum
majiid.
(HR
Muslim 2/16)
--Bab Tawassul--
Secara
bahasa, tawassul artinya taqarrub atau mendekatkan diri. Seperti kita
berkata bahwa saya bertawassul kepada Allah dengan amal, maksudnya saya
bertaqarrub (mendekatkan diri) kepada Allah lewat amal shalih.
Dalil Tawassul sebagaimana
firman Allah SWT:
Hai
orang-orang yang beriman, bertakwalah kepada Allah dan carilah jalan yang
mendekatkan diri kepada-Nya, dan berjihadlah pada jalan-Nya, supaya kamu
mendapat keberuntungan.(QS.
Al-Maidah: 35)
Tata Cara Tawassul Yang Disepakati
Kebolehannya
1. Tawassul dengan Iman
dan Amal Shalih
Salah
satu dalilnya yang paling masyhur adalah sebagaimana yang diriwayatkan oleh
Ibnu Umar radhiyallahu 'anhu dalam Shahih Bukhari tentang kisah tiga
orang yang terkurung di dalam gua lalu berdoa kepada Allah dengan bertawassul
lewat amal-amal shalih yang pernah mereka kerjakan.
Orang
pertama berdoa dengan menyebutkan bahwa dirinya pernah begadang semalaman
menunggu kedua orang tuanya bangun dari tidur, dengan memegang susu yang ingin
diberikan kepada mereka.
Orang
kedua berdoa dengan menyebutkan bahwa dirinya pernah hampir jatuh di lembah zina
da hampir saja melakukanya, namun tiba-tiba dia tersadar dan tidak jadi
melakukanya.
Orang
ketiga berdoa dengan menyebutkan bahwa dirinya pernah menjaga amanah harta
milik karyawannya yang tidak diambil, sampai harta itu kemudian menjadi
peternakan besar, lalu tiba-tiba karyawannya itu mengambil semuanya tanpa
menyisakan sedikit pun.
Maka
dengan dasar tawassul atas amal shalih ketiga orang itu, bergeserlah batu besar
yang menutup gua dan selamatlah ketiga orang itu.
2. Tawassul Dengan Menyebut Nama dan Sifat
Allah
Para
ulama sepakat ketika kita berdoa, hendaklah kita memanggil Allah dengan
nama-nama Allah SWT serta sifat-sifat-Nya. Sebagaimana tindakan Nabi Muhammad
SAW yang bila mendapatkan beban tertentu, beliau berdoa dengan memanggil nama
Allah.
ياحي
يا قيوم برحمتك أستغيث
Wahai
Tuhan Yang Maha Hidup dan Kekal, dengan rahmat-Mu aku bermohon.
3.Tawassul
Dengan Nabi Muhammad di Masa Hidupnya
Ketika
Rasulullah SAW masih hidup banyak para shahabat yang minta didoakan oleh
Rasulullah SAW. Minta didoakan termasuk juga perkara tawassul, dan hukumnya
dibolehkan para ulama dengan sepakat, tanpa ada yang berbeda pandangan.
Wallohu ‘alam bisshowab
Hadits
Fadhilah (kautamaan)
1. Fadhilah
QS. Al-Fatihah
“Aku akan ajarkan
kepadamu suatu surat yang paling utama dalam Al-Qur’an sebelum engkau keluar
dari masjid." Kemudian beliau memegang tanganku. Ketika ingin keluar
(masjid) saya katakan kepada beliau, “Tidakkah engkau mengatakan kepada saya
akan mengajarkan kepadaku surat yang paling agung dalam Al-Qur’an?" Beliau
menjawab, “Al-Hamdulillahi rabbil’alamin (Al-Fatihah), dia adalah As-Sab’ul
Matsani (tujuh ayat yang diulang-ulang) dan Al-Qur’anul Azim yang
diberikannya.” (HR.
Bukhori)
2. Fadhilah
QS. Al-Kahfi
Dari Abu Darda’ radhiyallahu anhu,
bahwa Nabi shallallahu alaihi wasallam bersabda: “Barangsiapa yang menghafal
sepuluh ayat pertama dari surat Al-Kahfi, niscaya dia akan terlindungi dari
(fitnah) Dajjal. Dan di dalam riwayat lain disebutkan: “(sepuluh ayat terakhir)
dari surat Al-Kahfi.” (HR.
Muslim)
3. Fadhilah
QS. Al Ikhlas, al-Falaq, an Nas
"Nabi Shallallahu
'alaihi wa sallam berkata kepada para sahabatnya: “Apakah seseorang dari kalian
tidak mampu membaca sepertiga al Qur`an dalam satu malam (saja)?” Hal itu
membuat mereka keberatan, (sehingga) mereka pun berkata: “Siapa di antara kami
yang mampu melalukan hal itu, wahai Rasulullah?” Lalu Nabi Shallallahu 'alaihi
wa sallam bersabda: “Allahul Wahidush Shamad (surat al Ikhlash, Red), (adalah)
sepertiga al Qur`an”. (HR. Bukhori)
“Sesungguhnya apabila
Nabi Shallallahu 'alaihi wa sallam ingin merebahkan tubuhnya (tidur) di tempat
tidurnya setiap malam, beliau mengumpulkan ke dua telapak tangannya, kemudian
beliau sedikit meludah padanya sambil membaca surat “Qul Huwallahu Ahad” dan
“Qul A’udzu bi Rabbin Naas” dan “Qul A’udzu bi Rabbil Falaq,” kemudian (setelah
itu) beliau mengusapkan ke dua telapak tangannya ke seluruh tubuhnya yang dapat
beliau jangkau. Beliau memulainya dari kepalanya, wajahnya, dan bagian depan
tubuhnya. Beliau melakukannya sebanyak tiga kali.” (HR.
Bukhori)
4. Fadhilah
Yaasin
Diriwayatkan dari Ma’qol bin Yasar, bahwa Nabi SAW bersabda :
“Bacalah untuk orang mati di antara kamu, surat YASIN”
(Hadits Shohih Riwayat Ibnu Hibban, Abu Daud, Ibnu Majah, An Nasai, Al
Hakim)
Nabi bersabda :
“Tidaklah orang yang akan mati lalu dibacakan YASIN di
sisinya kecuali ALLAH akan memudahkan keluar ruh atasnya”
(HR. Abu Darda’ dan Abu Dzar, Kitab Subulussalam Halaman 188)
----Wallohu ‘alam bish showab---
BAB ZAKAT
A. ZAKAT FITRAH
Syarat ngaluarkeun Zakat
Fitrah:
1. Kudu Islam
2. Surupna panon poe ahir bulan Ramadhan
3. Boga harta anu leuwih dina poean jeung peutingan harita
(ahir ramadhan)
Waktu ngaluarkeun Zakat
Fitrah
1.
Waktu nu utama, nyaeta isuk-isuk dina poean hari raya samemeh angkat
ngalaksanakeun solat Idul Fitri
2.
Waktu wajib, nyaeta dina waktu surupna panon poe akhir bulan Ramadhan
3.
Waktu mubah (wenang), nyaeta sa poe atawa dua poe ahir bulan Ramadhan.
Barang nu dikaluarkeun
Zakat Fitrah
Nyaeta kadaharan utama anu jadi kakuatan dina eta nagara,
saperti: beas, jagong, gandum atawa kurma.
Ukuran Zakat
Fitarah: nyaeta 1 sho= 4 mud (sa mud nyaeta saukuran dua dampal
panangan dewasa). Atawa 2,5 kg beas.
Niat Zakat
Fitrah:
“ Niat abdi
ngaluarkeun zakat fitrah pikeun diri abdi/istri abdi/putra abdi/keluarga abdi,
fardu karana Alloh”
Bab Ngodoan Sholat Fardhu (solat wajib)
Pengertian Ada sareng
Qodo
Ari hartosna
“adaan” nyaeta migawe nu wajib dina watuna
Nurutkeun ulama Syafiiyah pami jalmi solat manggihan sa
rokaat mangka ka asup adaan.
Ari hartosna Qodho nyaeta migawe perkara nu wajib
saparantos beres waktuna.
Hukum Ngodoan Sholat
Nurutkeun Imam Syafii, ngodoan sholat hukumna wajib, bari
kudu buru-buru dilaksanakeun sok sanajan te aya udzur (halangan). Pami karan
udzur mangka ngodoan solatna tiasa di akhirkeun.
Hadits Rosululloh saw.
Saha jalma nu
ninggalkeun solat karana kasarean atawa poho, mangka manehna kudu
ngalaksanakeun solat dina waktu inget, jeung te aya kifarat (gaganti) salian ti
qodo.
(Hadits riwayat
Bukhori sareng Muslim)
Hukum Ngodoan solat nu tos ngantunkeun
( فائدة ) من مات
وعليه صلاة فلا قضاء ولا فدية وفي قول كجمع مجتهدين أنها تقضى عنه لخبر البخاري
وغيره ومن ثم اختاره جمع من أئمتنا وفعل به السبكي عن بعض أقاربه ونقل ابن برهان
عن القديم أنه يلزم الولي إن خلف تركة أن يصلى عنه كالصوم وفي وجه عليه كثيرون من
أصحابنا أنه يطعم عن كل صلاة مدا وقال المحب الطبري يصل للميت كل عبادة تفعل واجبة
أو مندوبة
عانة الطالبين - البكري الدمياطي -
ج ١ - الصفحة ٣٣
Wallohu a’lam bish showab
Belum ada tanggapan untuk "Materi Fiqih Ibadah"
Post a Comment